Sabtu, 16 Juli 2011

SILSILAH KI CODOT SELON

Carita Sunda Silsilah Ki Codot Selon

Nurutkeun carita ti anu jadi uyut pituin, kira-kira antara taun 60-70an, di beulah kulon wewengkon Cimolonyon ,Kacamatan Gunung Kuuk aya hiji situs anu ngandung sajarah, di dinya téh aya hiji makam karamat Ki Codot Sélon. Unggal poé juma’ah loba anu datang ka éta makam. Rupa-rupa pisan niat anu ziarah téh, aya anu murni ziarah, aya anu hayang gancang manggih batur hirup, ngan lolobana mah datang ka éta makam téh seja néangan kasugihan hirup. Dina danget harita mah, wewengkon Cimolonyon téh bisa kawilang wewengkon anu kasohor ka wilayah-wilayah lain. Da lolobana anu ziarah ka makam karamat téh geuning datang ti sikluk anu jauh. Pangeusi kampung ngara a diuntungkeun ku ayana éta makam karamat téh, sahenteuna panghasilan maranéhna ningkat tina ladang ngajual oléh-oléh keur anu ziarah.

Tiiseunna makam karamat Ki Codot ti saprak datangna hiji Kyai ka éta wewengkon, Mama Ajengan Haji Tolib. Ajengan jeung santri-santerina ngalarang ka sakabéh jalma ziarah ka éta makam. Asalna mah urang wew ngkon nganggap yén tingkah Ajengan téh sarua jeung ngaliarkeun taleus ateul. Ngan sanggeus Ajengan méré katerangan, yén pagawéan kitu téh musyrik, lila-lila mah maranéhna nyatujuan kana sikep Ajengan. Ayeuna mah makam karamat anu aya handapeun tangkal huni jeung di riung ku dapuran gombong téh éstuning tiiseun pisan.
Ngeunaan saha jeung turunan saha-sahana Ki Codot, can aya hiji katerangan anu pasti. Ngan kira-kira dina mangsa panjajahan Walanda, salah saurang ahli sajarah walanda anu ngaranna Ruud Van Momok Ghuomflock pernah ngayakeun panalungtikan di éta wewengkon. Ha il panalungtikan manéhna nyebutkeun, dumasar kana sababaraha naskah Sunda kuno anu kapanggih di éta makam, nerangkeun, lamun Ki Codot téh masih turunan ka-5 hiji raja Sunda Buhun anu wastana Raden Guguling Kartadinameja anu kungsi jeneng jadi Raja dina tauh 420masehi. Masih nurutkeun éta naskah kuno, KiCodot téh boga ngaran asli Raden Indra Lesmanadikeredinameja , ari anu jadi bapana nyaéta Raden Kuuleun Taranameja alias Raden Ceukay anu nikah sareng Nyi Imas Kancanawati Denok Jhalingkak.
Aya deui, hiji naskah kuno anu ditulis ku Resi Sakabrang-kabrangna nyaéta naskah anu judulna Babad Raja Gedé Géngsi nulis dina basa Sunda Kuno, anu eusina;
Nguang-ngiung kalakay nangka asmara
Kacaritakeun Dina nagara ngaing
Iku namina lanang, anak raja
si Indra Lesmanadikerenameja
Ingsun tara lan wani wadul
Wadulne eta jadi mamala ge cilaka

Anu pihartieunna kira-kira, di wewengkon ieu pernah aya hiji budak Raja, anu ngaranna Raden Indra Lesmanadikerenameja, ieu lain carita bohong, da bohonh matak dosa
Salila hirup, Ki Codot kawilang jalma anu rudin jeung sederhana. Sok sanajan turunan raja tapi manéhna teu adigung komo balaga. Kabéh jalma resepeun ka manéhna.
Aya hiji deui versi tina naskah kuno anu di tulis ku hiji Resi, yén Ki Codot téh ngagem hiji kasaktian bisa ngarubah wujud jadi kalong gedé. Ari maotna mah saperti jalma biasa. Kawinna jeung urang kampung rakyat biasa, dipasihan putra ku anu maha Kawasa, wastana téh Raden Aria Martunisbae anu katelah Raden Cingok
Tah kitu nurutkrun caritaan ti anu jadi uyut pituin téh. Dina wanci kiwari wewengkon Cimolonyon geus jadi hiji puseur dayeuh. Pasar geus aya, internet geus asup, malah geus loba nu usul lamun éta wewengkon téh kudu diganti ngaranna jadi Hégar Harta Street Avenue.
Banten 1993
Hampura ka baraya, lain sim kuring rék ngacak-ngacak sajarah, da ieu mah ngan saukur karangan fiksi… kitu tah lurrr,,!!! hamura wae nyah wassalamualaikum nukasep nu geulis budak sunda asli........!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar